Sisindiran / Pantun Sunda


Iseng-iseng kang googling Sisindiran / Pantun Sunda, kenging lumanan seueur oge kang. Mangga ieu di aos aya nu saena sareng aya nu rada jorang. Mangga nu saena di jantenkeun eunteung, nu gorengna keur bahan seuseurian.


Samping kebat dilelepe
samping poleng digulung deui
kuring lepat nya mepende
sing horeng indung si nyai

Papatong euntrep na rega
di cepret ku karet geulang
montong deukeut kanu egang
bisi didempet teu bisa hudang

Rincik rincang rincik rincang
saladah gede beungketna
sidik pisan sidik pisan
nyi randa ageng ....

Tikukur mawa-an heucak
Mawa deui mawa deui
…….r datang ka pecak
Rangda deui rangda deui

Tat tit tut daun sampeu
saha nu hitut saha nu ngambeu
dibawa ka saung butut
datang-datang pakdurudut

Rincik rincang rincik rincang
aya roda na tanjakan
sidik pisan sidik pisan
nyai teh bogoh ka akang

Jalan-jalan ka cianjur
nijek batu ngajelegur
hanas kuring meuli bajigur
diambuan bau bujur

hayang nyatu euweuh kejo
beasna di panggilingan
boga minantu rada gelo
mitohana di tampilingan

kini kini kuang kuang
geutok geutok peupeundeyan
nini nini keur mendeyang
di bekok peperedeyan

hayu urang bareng ngecrik
ulah poho mawa emberna
kunaong mang ceurik
hayang nyusu ka nini na

Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
tai cakcak ninggang huntu
laun-laun nya dilebok

Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
cai ngeclak ninggang momo*
laun-laun jadi orok

Kembang cula kembang tanjung
kembang sagala domdoman
rek sabulan rek sataun
moal weleh diantosan

Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpung jengkol
aya randa gogoakan
katinggang ku hulu botol

Jauh jauh manggul awi
nyiar-nyiar pimerangeun
jauh-jauh neang abdi
nyiar-nyiar pimelangeun

Aya listrik di masigit
caangna ka Pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
hanjakal teu di calana

Manuk ciung na pisitan
buah nona aratah keneh
dicium kunu kumisan
si nona kalahka jebleh

kacibogo kacibadak
meuli ragi di bendunagan
ulah bobogohan jeng budak
mahugi pepeulendungan

jalan2 ka kang apip
lila2 pasti kesel
lamun ningal smp yapip
pastina moal nyesel

lelempangan meuli timun
meulina ka kang apip
dari pada urang ngalamun
mendingan k smp yapip

Meuli piring di Mang Ohan
Mayarna make duit rebuan
Mun Silaing keur bobogohan
Eta leungun ulah kakarayapan

ka bandung tuluy k bogor
ka cianjur meli bonteng
ka siksa bga kabogoh
sungutna bau sepiteng

ci karacak ninggang batu
laun-laun jadi dekoq
sirah botak katinggang batu
nya eta …. bletok

obat nyamuk
katiup angin
kuring ngamuk
menta kawin

sugan teh kaliki dangdeur
boro abdi gancang ngadek
sugan teh lalaki bager
boro abdi gancang daek

kaduhung ngadu kaleci
meuli leupet di cabean
kaduhung boga salaki
liang…….ngagedean

di keubon aya nu mancing
urangna teu acan di acukan
lamun urang eukeur geuring
geura – geura di ubaran

Meuli jagong keur japati
Eta jagong di awurkeun
Eta beungeut jiga peti
Anu erek di kuburkeun

Aya mobil warna silver
Mobilna keur ngala pare
Lamun maneh hayang pinter
Ulah loba teuing sare

lamun maneh boga keris
sok paehan lauk hiu
lamun maneh bisa basa inggris
sok naon artina I LOVE YOU

kajeun jeungjing sisi rawa
asal ka ci apus jana
kajeun teu jingjing teu bawa
asal nu dibungkus kucana

kaleuweung bade melak tomat
disarengngan ku sobat
eweuh obat nu mujarab
iwal ti solat

salawe duapuluh lima
mobil sedan cetna hejo
awewe jaman ayeuna
bisa dangdan teu bisa ngejo

anu matak anu mawi
hulu botak ka tinggang awi

tataksiran-tataksiran
hulubotak di sisiran

meni hayang buah muris
menangna kalah yuyu
ibu lilis mani geulis
abdi nyebatkeun i love u

bi mumun meuli neon
meulina di kota kembang
eh maneh eta beungeut atawa naon
mani siga si koneng ngambang

datang waktu sholat magrib
bapa-bapa malah gudag gidig
tuh tinggaleun sholat magrib
nukitu incuna jurig

datang waktu sholat isya
anak muda malah ngagaya
tuh tinggaleun sholat isya
nukitu bapana kuya.

datang waktu sholat subuh
ema-ema malah neangan suluh
tuh tinggaleun sholat subuh
nukitu jelma teu puguh

datang waktu sholat lohor
bapa-bapa malah malolor
tuh tinggalen sholat lohor
bukitu te pake kolor


ecet-ecet oet-oet
barudak ngarurek belut
kapelet kuring kapelet
ku randa nu gede hitut

malati kembang malati
dipelakeun dina batu
upami hoyong ka sim abdi
dongkap wae ka buah batu..

nini-nini kuang kuang..
aki-aki nuju tuang…
nini aki meuni beugang

Kini-kini ti parigi
Anak bogo na ayakan
Nini-nini lari pagi
Ngajedog dina tanjakan

Aya jurig aya ririwa
Kini-kini dina ledeng
Aya ijid aya ngewa
Nini-nini ngajak ngedeng

Mudah-mudahan kahibur sadayana

29 komentar untuk "Sisindiran / Pantun Sunda"

  1. ada Sisindiran pantun Ogan gan ya hhe

    BalasHapus
  2. hahaha ada juga sisindiran dan pantun arab gan

    BalasHapus
  3. sampurasun. gaduh pantun beton mp3? milarian di ubek di aki gogel teu mendak

    BalasHapus
  4. rampes gan, aduh hapunten teu gaduh

    BalasHapus
  5. Cisolok aya dipalabuhan
    DICOLOK teras DIAMBUAN :P

    BalasHapus
  6. hahahahahahahaha sae pisan

    BalasHapus
  7. Aduh nyai ulah reuwas,,
    upami akang gaduh nu heuras,
    kaluarna tabuh sabelas,
    bijilna siga ci beas,,

    Aduh akang ulah bendu,
    nyai oge gaduh nu munu'u,
    sanes bolu sanes tahu,
    ieu mah daging nu hipu,,

    Aduh akang geuning nikmat,
    najan urat asa pegat,
    omat akang ulah ngeujat,
    lamun nyai acan Bucaaaaaaaaat...

    BalasHapus
  8. Aduh akang geuning nikmat,
    najan urat asa pegat,
    omat akang ulah ngeujat,
    lamun nyai acan Bucaaaaaaaaat...


    kwkwkwkwkwk......mantab......

    BalasHapus
  9. aduh pika seurien sae pisan haturnuhun

    BalasHapus
  10. bade ngiringan ah sakeudik...


    salawe dua lima...
    salikur na dua hiji...
    awewe jaman ayeuna...
    di cukur jiga lalaki...


    kuring daek nyabut sampeu...
    asal di bere beutina...
    kuring daek nyebut euceu...
    asal di bere adina...

    BalasHapus
  11. engkang engkang dina dulang..
    kaca piring endog tongo..
    akang akang geura hudang...
    (sensor****) geus molongo...

    wkwkwkwkwkkk...
    punten ah rada jorang....????
    khusus 17+ kagigir

    BalasHapus
  12. punten ari ieu naon hartosna :
    hoyong pisan angeun waluh
    angeun waluh di kurupukan

    BalasHapus
  13. yes ah
    Mun geus Bucaaaaaaaaaaaaaaaaaaattttt

    BalasHapus
  14. Kini kini dina Jubleg
    Baju beureu di poeken
    Nini-nini rada geubleug
    rek di beleum teu daekeun

    BalasHapus
  15. adeuhh,,, mani lucu pisan nya,,, ngakak pisann,, yeuhh,,, bari ngbeubeurang ju puasa,,,,,,,,

    getek kulit beuteung,,, ha


    BalasHapus
  16. Ajibb psan lahhhh.......

    BalasHapus
  17. Ajibb psan lahhhh.......

    BalasHapus
  18. Mun ka Bandung
    ulah poho ka dayehkolot
    Mun akang nyandung
    ulah poho kanu kolot

    BalasHapus
  19. wah nih kang sule jago beginian hehehe

    BalasHapus
  20. Hehehehehe....no coment ah..

    BalasHapus
  21. lucu-lucu kang kumpulan sisindirana

    BalasHapus
  22. Lucu pisan ,, stres"lalengiit ,,,

    BalasHapus
  23. walaoupun loba nu teu ngartos na tapi apal eta maksud na
    hebat uy bahasa sunda mah benghar basa

    BalasHapus

Komentar anda akan di moderasi terlebihdahulu. Silahkan kirim komentar dengan bijak, tidak mengandung unsur SARA dan SPAM